sisindiran; wawangsalan, paparikan
Sisindiran;Tatangga hajat nyunatan
Sarerea milu suka
Diajar ulah bengbatan
Bisi kaduhung jagana
Wawangsalan;
Teu benang di hurang sawah
Teu beunang di pikameumeut
(wangsalna : simeut )
teu beunang di supa dulang
Teu beunang dibebenjokeun
( wangsalna : kejo )
Teu beunang ditiwu leuweung
Teu beunang dipika sono
( wangsalna : kaso )
Paparikan;
Pucung tiwuakar bangban
Amis mata di susukan
Mun rek milu geuwat dangdan
Cimata geura susutan
ka kulah nyair kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana
Kebon paré dicaian
siwah niat jalir jangji = sawah
siwah niat jalir jangji = sawah
Kembang bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran = jeruk
ngaheruk nya pipikiran = jeruk
Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati = bedug
dagdigdug rasaning ati = bedug
Kertas kabur kaanginan
kumalayang pipikiran = langlayangan
kumalayang pipikiran = langlayangan
Poé Saptu poé Kemis
salasa ngala kalapa
Saha itu muril kumis
tetela bapa kepala sakola
salasa ngala kalapa
Saha itu muril kumis
tetela bapa kepala sakola
Cikur jangkung jahé konéng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung
Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng
Ka Sumedang rek ngadon ngelas resep muru numpak kuda Nu gandang asup ka kelas nu kasep guru Basa Sunda
- Team Kamayu -
Tidak ada komentar:
Posting Komentar